Senin, 13 Juni 2011

Sat Mangsa Patandang

Sat Mangsa nyaeta hiji kagiatan pasinggiri pikeun kelas-kelas di SDN Cimagnkok anu bade munggaran dikawitan dina taun ieu. Kagiatan ieu pikeun ngawanohkeun tur nanjeurkeun budaya pituin ka pada murid SD Nagri Cimangkok
Pasanggiri nu bade dipatandangkeun antara lain:
  1. Galasin
  2. Sondah
  3. Mojang Jajaka SDN Cimangkok
  4. Maca jeung Nulis Aksara Sunda
  5. Sajak
  6. Biantara
Ieu pasanggiri bakal dilaksanakeun sarengse Ujian Kanaikan Kelas (UKK). Kagiatan ieu dirancanakeun dibuka dina kaping 20 Juni 2011.
Dumasar kana hal eta, sok ka sadayana siswa SDN Cimangkok geura tatan-tatan enggoning mayunan eta kagiatan.